Buku CERPEN Sunda


SI PUCUK KALUMPANG


Dongéng Sunda BuhunAjip Rosidi“Ema, Ema!
Nu nyaah lain ceuk béja!

Na naon nu beureum-beureum

Dina suku mani euceuy?”

Ku katelengesan bapana sorangan, Si Pucuk Kalumpang kudu naék kana tarajé bedog anu kacida seukeutna. Unggal-unggal manéhna nété kana hambalan tarajé, aya baé bagian awakna anu kakeureut, tepi ka ahirna mah ngalumbuk si­ga daging nu dicacag. Ku bapana daging Si Pucuk Kalumpang téh diparabkeun ka Si Jelug, hayam jago kukutanana.
Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60-0; Rp 10.000,-

NYI BUNGSU RARANG


Dongéng Sunda BuhunAjip Rosidi
Nyi Bungsu Rarang nyaritakeun budak bungsu anu dikaniaya ku lanceuk-lanceukna sorangan. Ung gal poé manéhna kudu digawé paéh poso su paya bisa dahar keur manéhna jeung keur Si Leungli, lauk emas piaraanana. Tapi dina hiji poé, waktu Nyi Bungsu Rarang keur digawé, Si Leung li dipaling ku lanceuk-lanceukna, tuluy diasakan pikeun deu ngeun sangu, didahar balakécrakan.
Basa nyahoeun Si Leungli leungit, Nyi Bungsu Rarang kacida kuciwana. Barang ditanyakeun ka lanceuk-lanceukna, hiji ogé euweuh nu ngaku. Wak tu ditéangan ngan ukur kapanggih huluna wungkul. Ku manéhna, hulu Si Leungli diboéhan, tuluy dikubur di jero imah na. Teu lila ti harita, di imahna melentung sirung nepi ka jadi tangkal anu kacida ahéngna. Sabab daunna, kembangna jeung buahna téh kabéh ogé mangrupa emas permata.Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60; Rp 10.000,

KéOM SAKEDAP


Humor Urang Sunda di InternétSyam Ridwan
Kamahéran Syam Ridwan nulis carita heureuy nu ngandung otokritik, sindiran jeung parodi geus némbongkeun kualitas dirina nu cocog pikeun jadi Ketua Partéy Seuri Nasional, Jubir Presidén Urusan Seuri, Mantri Nagara Koordinator Seuri Rak yat atawa Mantri Nagara Peningkatan Pe ranan Seuri. Pantes ogé jadi Wagub Jabar widang pangwangunan seuri Sunda. Atuh paling henteu ogé jadi bupati di lemburna sorangan, Sumedang. —MANG JAMAL, Kuncén KUSnét jeung tukang seuri (sorangan)
Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; ISBN 979-3631-79-1; Rp 15.000,-

DULAG NALAKTAK


Usép Romli H.M.
Numutkeun Kang Ibing mah, nulis carita humor téh leuwih hésé ti batan ngabodor dina panggung. “Ngabodor dina panggung mah langsung katénjo seuri jeung teu seurina jelema téh. Ari ku tulisan mah, teuing.”
Dulag Nalaktak téh mangrupa buku kumpulan carita humor Usép Romli H.M. anu panganyarna. Tina judulna gé moal boa bakal ngahudang ka pana saran. Mun henteu ngeunah seuri nepi ka ngehkey nyeri kulit beuteung jeung sééleun, atuh sakurang-kurangna nu maca bakal imut kanjut. Tapi mun rék sura-seuri sorangan, omat kudu luak-lieuk heula bisi aya nu nyérangkeun.Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm; 144 kaca; ISBN 979-631-67-8; Rp 13.000,-

BéNTANG PASANTRéN


Usép Romli H.M. 
Béntang Pasantrén
 nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot séjénna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantrén—beunang nyutat tina Qur’an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usép Romli H.M. téh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeung har an sastra Sunda.

Citakan II, 2006; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; ISBN 979-3631-71-6; Rp 18.000,-
DALINGDING ANGIN JANARI

Usép Romli H.M.
Dalingding angin ti masjid, karék liwat dina panineungan Fénny. Tacan namper dina lelembutanana. Tapi Néndah yakin, bakal aya parobahan. Isuk jaganing pagéto. Sanajan duka iraha.
Kullu man alaiha fanin. Sakur nu kumelendang, taya nu langgeng di alam dunya.
Dalingding angin ti masjid ogé, moal saukur nebak saliwatan dina panineungan. Pasti hiji waktu bakal namper saendeng-endeng dina lelembutan. Dina galura kamarudahan Fénny. Isuk pagéto. Atawa biheung iraha.
Ukur Alloh Nu Maha Uninga.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Rp 15.000,-

OCHANK


Novelet Barudak Basa Sunda
Tatang Sumarsono
“Itu tuh, euy!” cék nu saurang bari malédogkeun guruntulan taneuh garing.
Enya baé oray bedul, cék Ochank dina haténa. Awakna gedé semu buntet, sisitna mani hérang.
Oray téh dikepung ku lobaan, bari ditarimbulan. Bek aya anu keuna kana awakna. Oray ngagorémpal, tapi terus ngaléor deui. Ku barudak terus dibeberik.
“Enggeus euy, tong dipaéhan!” omong Ochank bari ngahalangan budak anu mamawa paneunggeul.
“Halik tong ngagokan!”
“Ih, antep! Karunya,” omong Ochank deui bari angger ngahalangan.
Tapi budak anu mawa awi téh kalah ngahabek satakerna, sabot oray ngaléor kana deukeut suku Ochank.
Atuh puguh waé, jadi suku anu kateunggeul téh.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 52 kaca; Rp 15.000,-

MAR 14, 2008

SI SEKAR PANGGUNG


Novelet Barudak Basa Sunda
Tatang Sumarsono
Entom gancang ngaderegdeg, rék nyusul Si Panggung anu ku Kang Gilang geus dibalikkeun arahna. Gancang dicekel kadalina, bari ditepakan beuheungna. Késang Si Panggung rembes saawak-awak.
Sabot kitu, announcer ngumumkeun: “Juara kesatu... kuda nomor tujuh... Sekar Panggung! Ya, Sekar Panggung dari istal Mayang Kencana, milik Haji Tantowi..., Bandung...!”
Saharita Entom langsung susurakan. Cacak mun keur henteu nungtun kuda, jigana bakal ajrag-ajragan, atawa boa terus maksakeun koprol dina track.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 60 kaca; Rp 15.000,